
Di Cimawate, hiji mangsa meri piaraan pun aki ngaranjah pabinihan. Meri tea susah diaturna, digebah teh kalah paciweuh paburiak ngaleyekan pabinihan. Atuh teu wudu nu gaduh pabinihan teh kacida ngamukna. Jaman keur werit tea, pabinihan ibarat sumber kahirupan keur nu melakna. Pun aki langsung diseuseulan laklak-dasar bari ditaros ti mana asal jeung anak saha ............. Bari dareuda, ku pun aki diwaler yen anjeunna ti Bojong. Barang nguping yen pun aki oge putrana Mama Enjam, eta jalmi nu nyeuseulan teh kacida ngarenjagna !. Ya Alloh .......... saurna, kutan ujang teh putrana Nden Mimi ? Hapunten pisan emang tos kumawantun ka anak menak - saurna deui bari tipoporose muru sareng ngarangkul pun aki. Pun aki harita bati hareugeueun ................ socana rembes (nuju ngetik ieu carios, sicosa sim kuring oge bet ngeclak). Rembesna soca pun aki, tiasa janten aya rasa nu pagaliwota - antara kalungguhan anak menak di hiji pihak, sareng tukang ngangon meri di sanes sisi. Sanaos dihulag, pun aki maksa ngiring ngalereskeun pabinihan nu reksak. Hiji ibrah deui keur sim kuring, conto rasa tanggel-waler kana lampah sorangan nu dilakonan .........
Aki Tamsur ngagaduhan putra tujuh. Wa Endin Syamsuddin, Pun Biang Ema Mahya, Mang Komar (Komaruddin), Mang Iman Suparman, Bi Iyom Maryam (alm), Mang Eros Rosyidin sareng Bi Tati. Wa Endin ngagaduhan putra genep, Pun Biang sapuluh, Mang Komar genep, Mang Iman opat, Bi Iyom genep, Mang Eros lima, sareng Bi Tati mah tiasa ngagaduhan grup mengbal, da putrana aya sawelas.
Mangga nu sanesna teraskeun, supados langkung babari dina pancakaki.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar