Di Balukbuk, sadidinten teh kur ulin jeung ulin. Hardolin cenah. Dupi kaulinan nu dipikaresep teu kawas barudak ayeuna. Sejen jamanna deuih. Baheula mah paling maen panggal tina tangkal peuteuy selong. Kitu ge nu tos galeuhan tetengahna, da ngarah kuat dina sukuna tur lelet muntirna. Mun bosen, pindah ngadu kaleci. Kalecina tina siki enteh, kenging ngala ti kebon pun nini di Legok. Teu pati buleud, malah rereana mah garepeng. Beda jeung di Padaherang, kalecina tos tina kaca, warna-warni. Keur kokojo ukurannana rada ageungan saalit tur bahanna ge tina marmer. Cape cingogo wae, babaturan ngajak ngala belendok sareng butuy di Pancak Suji, sakalian bari ngurek belut. Urekna ge ngadamel heula tina orlet (panitih), teras talina ngarara tina ramat cau hurang. Ceuk batur mah ngarah kuat jeung bangenan. Cenah kitu ge, da harita mah can aya "laboratorieum", janten langkung percaya ku cenah .............. (he3x).
Aya deui karesep nu dugi ka ayeuna sok kapiemut teh, Ki Ion Wahyan, pun aki nu harita leler Jurutulis Desa Cisaat Girang, sok ngajak neang badodon ka Leuwi Bilik. Salian resep ngadon kokojayan, oge panasaran ku hasil tina badodon. Badodon pun aki kacida wewegna. Didamelna tina leunjeuran awi bitung nu dipasang ti unggal sisi Ciwulan. Bitung luhur sareng bitung handap diseseg beulahan awi, ngarah caina nyeot ka tengah. Teras dipencoskeun ka hilir supados lauk milu kana deresna cai. Heg we ditandean ku buhu. Biasana nu kaala teh bangsaning pangeusi Ciwulan. Aya caung, nilem, beureum-panon, kancra, hurang, keuyeup, malah sakapeung mah lubang. Numatak tambah panasaran, harepan teh sakali-kali mah "leled-samak" ge katewak .......... (ah, ..... dasar keur budak).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar