
Sastra teh eunteung sarining sisi kahirupan. Kabagjaan, kaendahan, panineungan, kasmaran, malah rasa nu tansah ku kasedih. Kumpulan sajak di handap, mangrupi sesebetan rasa - nu dikecos diantara euyeubna padamelan kantor Nanang Kuswara. Kaleresan eta kumpulan sajak teh dimuat ku koran "Galura" awal Pebuari 2005. Dupi
"wahangan asih", "Nyoreang Kareta Cijulang - Banjar Patroman" sareng
"Pun Bojo Teh TKW" mah saurna dilebetkeun kana pasanggiri sajak sunda nu diayakeun ku PPSS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda) di gedong Rumentang Siang Bandung, taun 2008 kalangkung. Mangga geura ieu kumpulan kawih ati teh diilo. Piwurukna diantos pisan ku anjeunna supados seratan kapayun tiasa langkung ngeusi, majarna teh. Ka sadaya kadang-wargi nu sanesna, oge diantos "kawih-ati"-na.
NGARAAS
ku : Nanang Kuswara
(dimuat dina Galura edisi minggu ka-I Pebruari, 2005)
Dina lengkob Munggangsari geuning Nyi,
jalotang reumis cimata
da bongan dunya salira mah cenah,
sarwa barana ...........
Dina birit Leuwi Bitung tea geuning Nyi,
batu galituk pangdiukan juuh
ku bedah cimata
lantaran dunya salira mah wisesa
Duka lawas nu ka sabaraha
basa girimis lebaran kamari, bejana
teteup salira
caah
na kongkolak buruan,
terus leber
mapay pipir handeuleum
sieum
(Padaherang – 18 Nopember 2004)
--------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
MEDAR LANGLAYANGAN
ku : Nanang Kuswara
(dimuat dina Galura edisi minggu ka-I, Perbuari 2005)
Urang pedar Aang, kitu geuning ceuk salira harita
di mumunggang
Langlayangan nu duaan sina ngapung nembus
mega bodas nu nyacas wungkul impian
Bongan, da kapan cinta mah cenah kur paneja,
jeung harepan nu ngawaja .........
Urang tataran Aang, tali asih langlayangan
Kitu geuning harita, ceuk salira
sina kumalayang nyorang buludru biru
di langit tebeh isukan
Estuning, kapan deudeuh mah cenah
katalimbeng jangji anu patri
jeung pasini nu dianti .......
Lebaran kamari Nyi,
katumbiri ti wiati nutug di Ciumbang
Langlayangan dipiati kur kalangkang
sab dipulut
mo deui datang ................................
(Munggangsempu – 15 Nopember 2004)
--------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
SAUNG LISUNG
ku : Nanang Kuswara
(dimuat dina Galura edisi minggu ka-I, Pebruari 2004)
Di saung lisung tea, Nyi
unggal enjing nganti nu kapiati, moro sono nu lebeng
rongheap tina pengkolan
Cik, geura tabeuh lisung teh ku ketug jajantung, enung
geura pirig dengkleung-dengdek ku ranjug renghap harepan
Duh, tibelat mah horeng tungtunggulan panutan, linu
di dasaring ati biheung kadongkang .......
Di saung lisung tea, Nyi
wanci moyan teu weleh gandrung ku ayun ambing
Cik, geura ayak sing walatra sari asih lelembutan, enung
ulah sungkan tapian serah katresnan
Duh, iber pasini mah horeng lir bakatul, panutan
kumalayang pasuliwer dina ririhna
angin pakidulan
hamo kajeuwang ...........
Poyanan lebaran kamari Nyi,
saung lisung liliwatan tempat duaan
silih awuran ku tipung lawung,
bet nyesa
nyangsaya
dina heumpitan samoja,
ngendagkeun meuhpeuyna kembang
impian ..................
(Padaherang – 16 Nopember 2004)
--------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
WAHANGAN ASIH
(Pamilon pasanggiri PPSS – Gedung Rumentang Siang 2008)
ku : Nanang Kuswara
Ngaraas sinetron nu ngamalir
saendeng-endeng ti girang tug nepi ka hilir
asa deet temen alur carita roman
jeung ngajumbleng taya pamustungan
antara galituk rasa nu midua jeung leueurna subaya nu wungkul sulaya
antara nyeotna birahi nu teu kawawa jeung karemna banda nu dipenta
antara budah lalakon nu akon-akon jeung sarah rengkak para pamaenna
lir taya nu beda
Ah, cinta bet jiga embak nu ngolembar
peupeus na kikisik taya harega
Padahal kapan asih teh pancuran
kerelekna manjang moal saat kausuman
malidkeun genyasna ka liuh leuwi
tempat sono bogoh kokojayan
kedung gandrung teuteuleuman
Cenah mindeng tresna ge silanglang
malerkeun papaes hate bari nyawang awang-awang
neuteup sieup mega bodas nu leubeut pulas impian
di kajauhan
Da enya, cinta teh wahangan
genclangna ngangkleung satungtung umpalan kahirupan
lawung di muara nu diseja salila-lila
ngaregot peueut jeung peuheurna dunya teu dibeda-beda
ehm, paingan ceuk beja taya nu sampurna
iwal cinta
da inyana teu elat ngocorkeun simbeuh
maseuhan deudeuh henteu reureuh
hamo lantis
ku saleguk napas
panganggeusan ...........
--------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
NYOREANG KARETA CIJULANG – BANJAR PATROMAN
(Pamilon pasanggiri PPSS – Gedung Rumentang Siang 2008)
ku : Nanang Kuswara
Nyawang ringkang nu ka tukang nyi sareretan
basa urang silih gupay pileuleuyan
geuning harita, kareta bet haroshos murakeun samagaha
na tungkebing lelembutan
lebah pengkolan ngalanggeor bangun teunangan
heg ngagorowok semu serak
lir mugen pamitan
Nyeueung tineung nu geus heubeul nyi sareureuhan
basa keukeuh teuteup urang eunteup panungtungan
geuning harita, kareta bet nonggoh nawurkeun halimun
budeureun embun-embunan
dina tanjakan semu eungap ngarenghap sungkan miang
terus ngajerit maratan langit
ngelehkeun hate nu keur simpe
sapanjang jalan
Kareta tetela enggon pangancikan
runtuyan siloka paheutna bordes kaheman
tempat langsir panineungan jeung halteu pang-wesel ati
lila katalikung jangji ku pasini nu lasteu dianti
duh, naha hiji mangsa bakal sirna
tina wawacan endahna carita
kalimpudan alak paul igel manusa ?
Lebaran kamari nyi,
dipayungan langit sore anu pias
semu kayas
dirungrum nyacas asih nu teu laas
najan lawas
na lelemah sesa stasion Padaherang
rel beuki kandel tai hyangan
ngababatang
padet ku hanjuang siang ..........
--------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
PUN BOJO TEH “TE-KA-WE”
(Pamilon pasanggiri PPSS – Gedung Rumentang Siang 2008)
ku : Nanang Kuswara
Anjeun teh kameumeut
indit teu werat pamit nganti-nganti datang burit
mungkur malibir ka pipir pasir paur ku guyur urang lembur
Anjeun teh katineung
miang lir kalangkang jiga nu wangkelang
meupeus keuyang ku hariwang reangna bilatung dulang
Anjeun teh kamelang
geuning mulang tinggal bugang
angkaribung ku bangbalung dipapag rampak beungeut alum
jeung impian balilihan
engkang jangji nyi, urang pasang kelebet satengah tihang di buruan
najan sosoranganan
urang hariringkeun pupuh durma dina dada
najan rerencepan
sab anjeun patriot pangupajiwa
bela ka nagara merangan walurat dunya
nu nahun teu walakaya
Anjeun panutan, nu dipidangdam
ieu engkang nuju nadran
cuang-cieung dibarengan ku Si Aa jeung Si Ade
nu naros teu bisa rehe unggal datang sore
majar mamah ka sawarga tipoporose
Ieu engkang cuang-cieung dibarengan ku Si Ade jeung Si Aa
handapeun samoja reumis cimata
mulungan kembang harepan
nu teu eureun maruragan
duka nepi ka iraha ……...............